Tuesday, January 6, 2009

Anggang Kamelang


Poe ieu manehna ninggalkeun Bandung
Seja lunta mamawa raheut haténa
Kamari manéhna kungsi pamitan
Nyuuh, nyegruk, ngarangkul bedah ci panon
Pegat-pegat nyebut kecap pileuleuyan
Dareuda menta lumbar pangampura
Ceunah jalan anu rék ditempuh
Geus puguh jadi putusan
Mending pisah batan deukeut bari raheut
Duh gusti

Poe ieu manéhna ninggalkeun Bandung
Seja lunta nepikeun rasa cintana
Pasini teu jadi
Nyeuit kanyeri
Pikir bingbang dirungrum kapeurih ati
Najan beurat dikukuntit ku duriat
Baluas ku mamanis nu geus pegat
Bongan anu jadi pamuntangan
Sulaya tina subaya
Teu ngajadi
Bongan geus aya nu boga
Gening

Poe ieu manéhna ninggalkeun Bandung
Seja lunta mamawa raheut haténa
Najan peurih kudu pisah
Rasa bingbang kudu anggang
Pileuleuyan keur hiji panutan
Nu teu kungsi metik bagja

(Karyana: Nano. S)

No comments:

Post a Comment