Showing posts with label Tong Seuri Teu Lucu. Show all posts

Monday, August 8, 2011
Balapan Angkot Jeung Ojeg
Di hiji jalan aya angkot jeung ojeg silih siap.
Duanana katinggali pada-pada napsu hayang nyusul.
Nepi ka hiji pengkolan duanana eureun sakaligus.
Supir angkot kaluar tina mobilna, bari langsung sosorongot ka tukang ojeg,
"Kunaon sia ngudag-ngudag aing?"
"Ari sia, kunaon ngudag-ngudag aing oge?", jawab tukang ojeg.
"Aing mah diudag pulisi", ceuk supir angkot.
"Aing oge," jawab tukang ojeg.
Monday, September 6, 2010
Ngawulang Di SD
Aya saurang ibu-ibu tumpak angkot, tina dandanana mah siga guru SD eta teh, diuk na angkot di hareup gigireun supir. Bari ngadagoan angkotna pinuh, supir tuluy nanya ka ibu-ibu eta.
Supir : "Dupi ibu ngawulang di SD?"
Bu Guru : "Muhun"
Supir : "Ngawulang Seni...?"
Bu Guru : "Sanes"
Supir : "Agami...?"
Bu Guru : "Sanes..."
Supir : "Ngawulang naon atuh..?"
Bu Guru : "Ngawulang Bahasi....!"
Supir : "Ooohh.. Ngawulang Bahasi!?" Ceuk supir bari nincak gas.

Wednesday, June 9, 2010
Tujuh rupa nu dipahing
Tujuh rupa nu dipahing pisan
diantawisna :
- Ngarorek Ceuli ku linggis
- Ombeh ku cai ngagolak
- Gagaro ku parud nu tihiangan
- Dahar make sendok tembok
- Ngalinting bulu kelek mun hayang udud
- Ngorong ku tutup limun
- Mere dahar ka khotib nu keur hutbah
diantawisna :
- Ngarorek Ceuli ku linggis
- Ombeh ku cai ngagolak
- Gagaro ku parud nu tihiangan
- Dahar make sendok tembok
- Ngalinting bulu kelek mun hayang udud
- Ngorong ku tutup limun
- Mere dahar ka khotib nu keur hutbah
Tuesday, April 27, 2010
Jiang Zemin Orang Garut ?
Kabayan : "Abah kenal teu ka Jiang Zemin ?"
Abah : "Nya apal atuh, mantan Presiden Cina sampai Maret 2003"
Kabayan : "Uiii hebat euy ..."
Abah : "Abah teaaa ....", bari ngusapan kumis bakat ku bangga
Kabayan : "Bejana Jiang Zemin teh aslina orang Garut nya Bah."
Abah : "Ah... ceuk sahaaa ...??"
Kabayan : "Da ngaran aslina mah cenah Ujang Jamin, ngumbara ka Cina ganti ngaran jadi Jiang Zemin ... hehehe ... Kabayan tea..." bari gura-giru ngaleos
Abah : "Dasar si borokokok !!"

Wednesday, March 10, 2010
Stalin Nyeri Huntu

Hiji waktu Stalin, ngarasa huntuna nyanyautan, terus dipariksa ku dokter gigi.
Dokter gigi mariosna mani dagdag-degdeg da puguh nu diparios teh lain jalma samanea.
Sanajan geus dipariksa ku dokter gigi pang hebatna sa Uni Soviet, tapi Stalin nyeri huntuna teu cageur-cageur, da dokter gigina teu wanieun langsung nyarita ka Stalin, yen huntuna kudu dicabut!
Sunday, September 13, 2009
Pakai Do.....

Di hiji kelas, guru anyar nyalukan hiji murid anu ngaranna "Dojang"
Ibu Guru :" Jang, cik kadieu, antik euy ngaran teh, bener Dojang?"
Dojang :" Sumuhun Bu, da abdi mah katurunan nami antik"
Ibu Guru :" Kutan, saha kitu ngaranna bapa maneh teh, Dojang?"
Dojang :" Dosep, Bu"
Ibu Guru :" Ari indung maneh saha?"
Dojang :" Doneng, Bu
Ibu Guru :" Lanceuk-lanceuk?"
Dojang :" Dosih sareng Domar, istri sadayana Bu"
Ibu Guru :" Euh, sugan aki-nini maneh mah Doki jeung Doni, nya Dojang?"
Dojang : " Sanesn Bu, teu kenging kitu, dolim namina, saur sepuh oge dolim mah dosa".
Sunday, August 9, 2009
Film Hollywood Versi Sunda
a. Saving Private Ryan - Nulungan si Rian
b. Enemy At The Gate - Musuh Ngajedog di Pager
c. Die Hard - Teu Paeh-Paeh
d. Die Hard II - Can Paeh Keneh
e. Die Hard III With A Vengeance - Nya'an euy Hese Pisan Paehna
f. Bad Boys - budag bedegong
g. Rocky - Osok Neunggeulan Batur
h. Rain Man - Lalaki Cicing di Bogor
i. Here's Something About Marry - Ari Ceu Meri Teh Kunaon?
j. Mission Impossible - Moal Bisa
k. Titanic - Tilelep
l. Paycheck - Nganjuk Heula
m. Reign of Fire - Beubeuleuman
n. Original Sin - Tara Ka Mesjid
o. Sleepless In Seattle - Cenghar Di Ciateul
p. Silence of The Lambs - Embe Pundung
q. Ghost - Jurig Kasep
r. Bad Boys II - Budak Baong
s. Are We There Yet? - Lila Teuing Nepina Euy?
t. Home Alone - Tinggaleun
u. Casablanca - Mengkol Ti Sudirman
v. Gone In Sixty Seconds - Indit Siah Kaditu!
w. The Awakening - Hudang Sare
x. After The Sunset - Tereh Maghrib
Y. Fast and Furious - Mobil Balap
Z. Black Hawk Down - Heulang Paeh

Friday, July 24, 2009
Jang Sadul Konsultasi
aya hiji pasien ngarana si sadul anu waktu harita manehna kaserang panyakit nyeri sirah, terus manehna datang ka dokter
anu aya di puskesmas. kabeneran dokterna teh asli urang jawa.
jang sadul : dok, abdi teh tos dua minggu katarajang jangar (sakit kepala) sareng flu.
dokter : ooooo, etamah atuh kang tidak usah datang ke sini.
jang sadul : naha kitu dok?
dokter : cukup ujang membeli oskadon ti warung.
jang sadul : ieu oge parantos mas dokter, ku oskadon sareng konimex. malah abdi tos habis 20 sachet.
dokter : cobain lagi saja, dosisnya... sore siji, peuting siji, jengker isuk.
jang sadul : ??>)]{+%???
dokter : iya, sore siji, peuting siji, jengker isuk.
jang sadul : ah hoream mas dokter, komo make jengker isuk mah. dokter teh teu baleg !!(bari ngaleos)

Thursday, June 25, 2009
Terjun Make Payung
Kacaritakeun Solihin budak anu butut boga babaturan ngarana Ii nu kasep jeung Ginda nu super cool. Di hiji waktu barudak nu tilu eta ulin ka tempat latihan TNI angkatan udara terjun payung.
Ii : "heh ihin, abi rek nanya ka maneh. Majar maneh teh pinter lin?"
Solihin : "rek nanya naon maneh? Naon wae pertanyaannana pasti ku kuring mah ka jawab." ( sabari masang wajah anu balaga. Padahal mani geuleuh gaya na teh)
Ginda : "bener hin maenya the master teu bisa ngajawab" (bari semu ngaledek)
Solihin : "heueuh bener"
Ii : "kieu hin, urang rek nanya. Mana nu bener ? "terjun payung teh terjun make payung" atawa "terjun payung teh terjun make pa" "sok jawab mana nu bener. Kapanan maneh teh pinter"
Ginda : "sok hin jawab. Ulah lobah mikir"
Solihin : "gampang atuh eta mah. Nya nu bener mah atuh terjun payung teh terjun make payung. Kumah benerteu?”
Ii + ginda: "wah ihin, maneh bener pisan. Bener bener bener goblok gebloh teu katulungan matak ge sakola meh rada ngarti seutikmah"(sabari seuri cacarawakan)
Solihin : "naha uing salah kitu"(sabari mikir)
Ginda : "geus ayeuanamah, supaya maneh yakin mana jawaban nu bener. Ayeuna urang terjun payung. Maneh terjunna make payung. Urang jeung si ii make parasut"
Solihin : "hayu. Ke keheula lamun urang terjun tina kapal atuh meureun koid”"
Ii + ginda: "pikiran we olangan. Da moal nyaho ari can di ajaran mah"
Solihin : "?@#??!%%!#~`"

Tuesday, May 19, 2009
Tes Ingatan
Kacaritakeun aya tilu manula di ruang dokter praktek keur ngetes ingatan.
umurna rata-rata 70 tahun, Dokter nanya ka manula nu ka hiji,
"sabaraha 3x3?" 350 ceuk manula teh rada tarik ngajawabna.
dokter reuwas. tuluy nanya ka manula anu kadua, ayeuna bapak,
cik sabaraha pak ari 3x3?. "Salasa" jawabna. dokter gigideug bari jeung sedih.
Tuluy dokter nanya ka manula anu katilu. ayeuna giliran Bapak. Sabaraha 3x3?
"Salapan" Jawab manula anu ka tilu.
"Bagus, pinter Bapak mah geuning" ceuk dokter bari nyerengeh, timana Bapak tiasa terang Salapan?"
"Gampang" ceuk manula eta bari pokna "350 dikurangi Salasa."
Dokter Ngabarakatak.

Thursday, April 9, 2009
Ibu Guru
Hiji poe Bu guru SD kelas lima keur nerangkeun hal kawajiban nuntut elmu.
Sanggeus nerangkeun tuluy Bu Guru SD nanya ka barudak kelas lima.
Bu Guru SD, "Barudak, ari nuntut elmu teh kawajiban saha?
Naha kawajiban Ibu atawa maneh?"
Barudak, "Maneeehh......!" Ceuk barudak saur manuk.
Bu Guru SD baeud.

Tuesday, March 10, 2009
Politisi nu Jujur
Di Bunderan HI Jumad keur unjuk rasa bari ngacung ngacung sapanduk. Dina sapandukna aya tulisan daptar ngaran politisi busuk, keur kitu kareret ku saurang politisi anu keur naek bus way,pudigdig manehna siga nu ambek terus menta eureun persis di hareupeun si Jumad, tapi teu digugu lantaran dilebah dinya euweuh halte. Kapaksa manehna turun di halte anu jauh tidinya, bari haruhah harehoh pok ngomong satengah ngagorowok.
Politisi : "Nanaonan ieu teh ?" ( semu ngagidir)
Jumad : "Matak kieu ge supados masarakat terang, sareng dina waktosna nyolok teu lepat milih !"
Politisi : "Tapi kudu kumplit atuh nyatetna !" ( rada leuleuy )
Jumad : "Maksad bapa?"
Politisi : "Kieu kieu ge pan dewek teh politisi oge euy !"
Jumad : "Muhun pan nu dicatet didieu teh politisi busuk wungkul !"
Politisi : "Ih ari maneh asa belegug belegug teuing...dewek can kacatet didinya!"

Tuesday, February 24, 2009
Tangkal Kalapa
basa ana ngala kalapa aya bapa2 mapay hayam ngarana mang kamad. jang aya hayam? kata mang kamad nanya ka ana, ana ngajawab, kaga ada mang. mang kamad malah marah2. naha kaga ada? kan hayam saya. nya hayam mang da ana apal, pan basa ahad mah ada, naha nanya ka ana mang. mang kamad kalahkah ngabarakatak, barakatak2. barang mang kamad ngabarakatak datang sababaraha jalma mamawa gantar sasampayan jaba ngahalangan jalan,
ada apah mang babarakatakan ? pas jalma yang bawa gantar nanya ada apah jang ka ana, aya kalapa badag ragrag ka hanap, brak .... ampir. kana mastakana mang kamad. jalma2 sadayana haranyat kana tangkal. tangkal, jangan marah yah saya akan hanyat ka anta? tangkal ngajawab saya mah tak akan marah jalma, sabab tangkal kalapa mah jagjag pan dahana aya dalapan. kata tangkal ngajawab. (lucu teu???? hihihihih...heheheh...hohohoh...huhuhuh...heh)

Tuesday, February 17, 2009
Jalmi Damang

Sabada dibejaan aya pasen rumah sakit jiwa nu kabur.
Satpam geuwat indit neangan. Jog manehna ka hiji imah
nu teu jauh ti eta rumah sakit. Satpam nanya ka hiji lalaki.
"Pa, tadi aya nu ngalangkung ka dieu?"
"Kumaha jalmina?"
"Awakna pendek, begang, beurat na kira-kira 200 kg!"
"Har? Piraku jalmi begang tepi ka 200 kg?"
"Hih ari Bapa. Kapan jalma gelo manehna teh!"
Friday, January 23, 2009
Tukang Kai Nu Jujur
Aya tukang ngala kai di leuweung nu kahirupanana kacida miskinna. Hiji waktu, basa manehna keur nutuhan dahan kai nu ngaroyom ka walungan, kampakna locot, ngacleng ka walungan. Si Tukang kai teh ceurik bari ngadoa ka dewa, doana kadanguan ku Dewa, Dewa turun ti langit teras naros : "Hey...kunaon maneh ceurik?"
Si Tukang Kai eta ngajawab yen kampakna tikecemplung ka walungan, padahal manehna perlu pisan eta kampak keur balangsiar. Dewa langsung teuleum ka walungan, terus mucunghul bari mamawa kampak nu dijieun ku emas, "Ieu kampak anjeun teh?"
Tukang kai ngajawab : "Sanes!"
Dewa ngagejuburkeun deui ka walungan, terus teuleum deui, teu kungsi lila mucunghul deui dina leungeunna mamawa kampak nu bahanna perak, terus nanya ka tukang kai , "Sugan nu ieu kampak anjeun teh?" Sakali deui, tukang kai ngajawab : "Sanes!"
Gejebur deui, dewa teuleum deui, basa mucunghul deui mawa kampak tina beusi, anu memang kaboga si tukang kai, "Ieu meureun kampak anjeun teh?"
Tukang kai ngajawab: "Sumuhun, leres Gusti !"
Dewa kacida gumbirana, aya jelema jujur kacida, eta tilu kampak sadayana dipasihkeun supaya disimpen ku tukang kai. Tukang kai balik ka imahna bari jeung kacida bungahna.
Hiji waktu tukang kai teh leumpang jeung pamajikanana di sisi walungan. Dasar keur apes pamajikanana tikosewad, tepi ka tigebrus ka walungan. Si Tukang kai ceurik deui bari ngadoa ka dewa. Doana kadangueun ku Dewa, dewa turun ti langit teras naros : "Kunaon deui anjeun ceurik?"
Si Tukang kai ngajawab pamajikanana tikecemplung ka walungan, gancangan dewa neuleuman walungan, terus mucunghul bari mawa Deasy Ratnasari, terus naros: "Ieu pamajikan anjeun teh?" Na ari pok teh: "Leres, eta pamajikan abdi teh!"
Dewa teh kacida ambekna, teras nyarios : "Anjeun bohong!, teu jujur!"
Si Tukang kai teh ngajawab bari ampun-ampunan :
"Aduh gusti abdi nyuhunkeun dihapunten, sanes.....sanes....kitu maksad teh, ieu mah salah paham. Kieu geura Gusti, upami abdi ngajawab eta sanes pamajikan abdi, engke Gusti teuleum deui, nyandak... Dian Sastro, upama ku kuring dijawab deui eta mah sanes pamajikan abdi, Gusti teuleum deui nyandak pamajikan abdi, teras ku abdi disumuhunkeun eta pamajikan abdi. Engke ku Gusti nu tiluan sadayana dipasihkeun ka abdi. Gusti, terang nyalira abdi teh jalmi miskin teu mungkin gaduh pamajikan satilu-satilu, kumargi kitu abdi gancangan we ngajawab leres, waktos Gusti nyandak Deasy Ratnasari teh!"

Monday, January 19, 2009
Aya Nu Apal, Lagu ieu Judulna Naon ?
She cark
She cark
They thin think
They arm
They arm
Me ray up
The Tank's she eks or lam oks
Hope
Lay low the tank's up.
???????????????......
She cark
They thin think
They arm
They arm
Me ray up
The Tank's she eks or lam oks
Hope
Lay low the tank's up.
???????????????......
Monday, January 12, 2009
Kondektur Kahot
Kondektur kahot mang Obing teh. Geus aya dua puluh taunna, cenah,
digawena dina beus. Bab ongkos, ti mana jeung kamana,
ku manehna geus katalar pisan. Hiji poe, Mang Obing keur
ngadaweung dihareupeun imahna, da kabeneran keur teu jalan,
mobil cekelanana turun mesin. Lar aya anu ngaliwat.
"Rek ka mana?" Mang Obing nanya.
"Ka Kadungora," tembal anu ngaliwat.
Tret nulis angka. Song dibikeun, bari pokna,
"Sarebu Lima Ratus, disaruakeun jeung ongkos ka Garut."
"Ari Emang, naon ieu teh?"
"Aeh heueuh, rarasaan teh keur dina beus,"
tembal Mang Obing bari ngelemes.

Friday, January 9, 2009
Kuda Bageur
Kusir : "Jang, mihape kuda sakeudeung. Emang rek ka cai heula."
Budak : "Ah alim, sieun nyongot."
Kusir : "Moal, da ieu mah kudana oge bageur."
Budak : "Sieun nyepak atuh."
Kusir : "Tara deuih. Kuda bageur."
Budak : "Moal ah, sieun kabur."
Kusir : "Ih, Si Ujang mah. Moal kabur, moal. Ceuk Emang oge, kuda bageur."
Budak : "Ari kitu mah, naha atuh miwarang di tungguan ku abdi?"

Wednesday, December 31, 2008
TARAJE teh NTAR AJE

Jang Dodo keur nembok sumur di perkampungan orang Betawi.
Meureun rada malaweung, na atuh ujug-ujug gejebur ...!!
Jang Dodo tigejebur ka sumur bari ngagorowok tulung-tulungan.
Ngadenge aya nu tulung-tulungan, si orang Betawi nyampeurkeun
nu maksudna rek nulungan Jang Dodo.
Jang Dodo : " Taraje...!!! taraje ...!!! ", maksudna menta
disodorkeun taraje kahandap.
Orang Betawi bingungeun bari leos indit deui, sangkaan manehna mah
TARAJE teh NTAR AJE.... yeeee
Monday, December 22, 2008
"""Halu?""" Kang Dadang
Geus jadi kabiasaan Jang Ahmad, sobat salakina, unggal
wancina dahar beurang sok datang ka imah Nyi Ipah
ngadon milu dahar. Keur jaman kiwari nu sagala serba
mahal mah puguh we sagala teh kudu dirit-irit, kukituna
kadatangan Jang Ahmad teh malah jadi nambahan beban
kaluarga Nyi Ipah.
Dina hiji beurang kurunyung Jang Ahmad datang ka imah Nyi Ipah.
Jang Ahmad :"Kumaha Nyi wartosna.... damang ?"
ceuk Jang Ahmad bari basa-basi
Nyi Ipah :"Sae kang..." bari rada bendu
Jang Ahmad :"Pami Kang Dadangna pangesto ? nuju kamana...?"
Nyi Ipah :"Nuju di kebon, nyaeta ayeuna mah Kang Dadang teh
rada kaganggu emutanana ayeuna teh.....".
Nyi Ipah ngabohong bari masang taktik.
Jang Ahmad :"Na kunaon kitu ...?" bari semu heran
Nyi Ipah :"Nya duka kumaha Kang, ayeuna mah unggal aya tamu
Kang Dadang teh sok neunggeul tamuna ku halu..."
Ngadenge kalakuan sobatna jadi owah, Jang Ahmad langsung pamitan....
teu lila datang Jang Dadang, salaki Nyi Ipah.
Jang Dadang :"Aya saha tamu bieu teh Nyi ?"
Nyi Ipah :" Eta..... Kang Ahmad rek nambut halu ngan ku abdi
teu dipasihkeun..." bari ngabohong
Jang Dadang :"Naaa atuh halu-halu wae....kadieukeun urang susulkeun..."
tuluy Jang Dadang nyusul Jang Ahmad bari mamawa halu.
Teu lila Jang Ahmad geus mimiti kaciri tereh kasusul.
Atuh Jang Dadang gogorowokan ngageroan Jang Ahmad bari
ngacungkeun halu. Puguh we Jang Ahmad beuki tarik lumpatna
pedah nempo Jang Dadang ngudag-ngudag bari ngacungkeun halu.

Subscribe to:
Posts (Atom)