Tuesday, May 19, 2009

Tes Ingatan

Kacaritakeun aya tilu manula di ruang dokter praktek keur ngetes ingatan.
umurna rata-rata 70 tahun, Dokter nanya ka manula nu ka hiji,
"sabaraha 3x3?" 350 ceuk manula teh rada tarik ngajawabna.
dokter reuwas. tuluy nanya ka manula anu kadua, ayeuna bapak,
cik sabaraha pak ari 3x3?. "Salasa" jawabna. dokter gigideug bari jeung sedih.
Tuluy dokter nanya ka manula anu katilu. ayeuna giliran Bapak. Sabaraha 3x3?
"Salapan" Jawab manula anu ka tilu.
"Bagus, pinter Bapak mah geuning" ceuk dokter bari nyerengeh, timana Bapak tiasa terang Salapan?"
"Gampang" ceuk manula eta bari pokna "350 dikurangi Salasa."
Dokter Ngabarakatak.

No comments:

Post a Comment