Showing posts with label Kawih Sunda. Show all posts
Showing posts with label Kawih Sunda. Show all posts

Saturday, March 19, 2011

Sariak Layung


Sariak layung di gunung
iber pasini patepung lawung
teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung
eeh, ngawangwang nu dipigandrung, aduh

Haréndong meuhpeuy harideung
jalan satapak rarambu leuweung
kumalangkang ronghéap nu kapitineung
eeh, ronghéap nu kapitineung, duuh

Surya surup layung hibar
ka tanjakan sawangan diumbar
geus ngolébat, ieuh, samar-samar
hariring asihna kapireung ngalalar

Angin tiis ti mumunggang
katitipan haréwos kamelang
tawis deudeuh, ieuh, nu maranti
sungkeman kahéman saranggeuy malati.

song lyrics written by Koko Koswara
title : Sariak Layung
artist : unknown
length : 00:06:23 mp3 format

download kawih sunda "Sariak Layung" click disini

Monday, June 29, 2009

Bulan


duh ...
bulan ieu kuring tulungan
hate teh asa teu puguh
asa poekan ngalengkah
teu aya harepan

duh ...
angin pangbejakeun kapanutan
kasono jeung kacinta
anu teu bisa ditahan
hayang geura panggih

bulan kudu kumaha
kuring ku hayang geura patepung
dimana atuh dimana
panutan nu dipitineung
kumaha atuh kumaha
kuring teh ku hayang geura papanggih

duh ...
bulan ieu kuring tulungan
hate teh asa teu puguh
asa poekan ngalengkah
hayang geura panggih

title : bulan
artist : unknown
length : 00:05:07 mp3 format

download kawih sunda "bulan" click disini

Tuesday, January 6, 2009

Anggang Kamelang


Poe ieu manehna ninggalkeun Bandung
Seja lunta mamawa raheut haténa
Kamari manéhna kungsi pamitan
Nyuuh, nyegruk, ngarangkul bedah ci panon
Pegat-pegat nyebut kecap pileuleuyan
Dareuda menta lumbar pangampura
Ceunah jalan anu rék ditempuh
Geus puguh jadi putusan
Mending pisah batan deukeut bari raheut
Duh gusti

Poe ieu manéhna ninggalkeun Bandung
Seja lunta nepikeun rasa cintana
Pasini teu jadi
Nyeuit kanyeri
Pikir bingbang dirungrum kapeurih ati
Najan beurat dikukuntit ku duriat
Baluas ku mamanis nu geus pegat
Bongan anu jadi pamuntangan
Sulaya tina subaya
Teu ngajadi
Bongan geus aya nu boga
Gening

Poe ieu manéhna ninggalkeun Bandung
Seja lunta mamawa raheut haténa
Najan peurih kudu pisah
Rasa bingbang kudu anggang
Pileuleuyan keur hiji panutan
Nu teu kungsi metik bagja

(Karyana: Nano. S)