Saturday, March 19, 2011

Sariak Layung


Sariak layung di gunung
iber pasini patepung lawung
teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung
eeh, ngawangwang nu dipigandrung, aduh

Haréndong meuhpeuy harideung
jalan satapak rarambu leuweung
kumalangkang ronghéap nu kapitineung
eeh, ronghéap nu kapitineung, duuh

Surya surup layung hibar
ka tanjakan sawangan diumbar
geus ngolébat, ieuh, samar-samar
hariring asihna kapireung ngalalar

Angin tiis ti mumunggang
katitipan haréwos kamelang
tawis deudeuh, ieuh, nu maranti
sungkeman kahéman saranggeuy malati.

song lyrics written by Koko Koswara
title : Sariak Layung
artist : unknown
length : 00:06:23 mp3 format

download kawih sunda "Sariak Layung" click disini

2 comments: