Monday, January 12, 2009

Kondektur Kahot

Kondektur kahot mang Obing teh. Geus aya dua puluh taunna, cenah,
digawena dina beus. Bab ongkos, ti mana jeung kamana,
ku manehna geus katalar pisan. Hiji poe, Mang Obing keur
ngadaweung dihareupeun imahna, da kabeneran keur teu jalan,
mobil cekelanana turun mesin. Lar aya anu ngaliwat.

"Rek ka mana?" Mang Obing nanya.
"Ka Kadungora," tembal anu ngaliwat.
Tret nulis angka. Song dibikeun, bari pokna,
"Sarebu Lima Ratus, disaruakeun jeung ongkos ka Garut."
"Ari Emang, naon ieu teh?"
"Aeh heueuh, rarasaan teh keur dina beus,"
tembal Mang Obing bari ngelemes.

No comments:

Post a Comment