Monday, December 22, 2008

"""Halu?""" Kang Dadang

Geus jadi kabiasaan Jang Ahmad, sobat salakina, unggal
wancina dahar beurang sok datang ka imah Nyi Ipah
ngadon milu dahar. Keur jaman kiwari nu sagala serba
mahal mah puguh we sagala teh kudu dirit-irit, kukituna
kadatangan Jang Ahmad teh malah jadi nambahan beban
kaluarga Nyi Ipah.
Dina hiji beurang kurunyung Jang Ahmad datang ka imah Nyi Ipah.

Jang Ahmad :"Kumaha Nyi wartosna.... damang ?"
ceuk Jang Ahmad bari basa-basi
Nyi Ipah :"Sae kang..." bari rada bendu
Jang Ahmad :"Pami Kang Dadangna pangesto ? nuju kamana...?"
Nyi Ipah :"Nuju di kebon, nyaeta ayeuna mah Kang Dadang teh
rada kaganggu emutanana ayeuna teh.....".
Nyi Ipah ngabohong bari masang taktik.
Jang Ahmad :"Na kunaon kitu ...?" bari semu heran
Nyi Ipah :"Nya duka kumaha Kang, ayeuna mah unggal aya tamu
Kang Dadang teh sok neunggeul tamuna ku halu..."
Ngadenge kalakuan sobatna jadi owah, Jang Ahmad langsung pamitan....
teu lila datang Jang Dadang, salaki Nyi Ipah.
Jang Dadang :"Aya saha tamu bieu teh Nyi ?"
Nyi Ipah :" Eta..... Kang Ahmad rek nambut halu ngan ku abdi
teu dipasihkeun..." bari ngabohong
Jang Dadang :"Naaa atuh halu-halu wae....kadieukeun urang susulkeun..."
tuluy Jang Dadang nyusul Jang Ahmad bari mamawa halu.
Teu lila Jang Ahmad geus mimiti kaciri tereh kasusul.
Atuh Jang Dadang gogorowokan ngageroan Jang Ahmad bari
ngacungkeun halu. Puguh we Jang Ahmad beuki tarik lumpatna
pedah nempo Jang Dadang ngudag-ngudag bari ngacungkeun halu.

1 comment: